Jumat, 12 Februari 2016

KATARAGAN KI SUNDA


Ieu Kuring
Kuring, lalanang Sunda
Kuring, wanoja Sunda
Mikanyaah ka rahayatna
Rek ngarumat lemah caina
Rek rumawat ka budayana

Moal rek luncat mulang
Lamun Sunda can meunang
Makalangan .... Kumelendang

Getih kuring, renghap kuring
Batin kuring, sukma kuring
Tekad kuring, lengkah kuring
pikeun Sunda
Nanjeur...nanjeur...nanjeur di Buana

Tidak ada komentar:

Posting Komentar